Rabu, Juni 3, 2026
BerandaBerandaNGADEGNA PAJAJARAN KU TALI ASIH

NGADEGNA PAJAJARAN KU TALI ASIH

ACEP AAN,S.AG.Kabupaten Tasikmalaya Lintaspasundannews.
Keluarga Besar Rd.Singamanggala .
bin Dalem Sawidak Sukapura-Cisayong Tasikmalaya JAWA BARAT

Sribaduga Maharaja,anu urang kenal selaku Prabu Siliwangi,yaeta Raja Kerajaan Pajajaran anu legendaris.Anjena marentah ti taun 1482 nepi ka 1521M.Dina mangsa pamarentahanana ,kerajaan Pajajaran ngahontal jaman emas,makmur jeung sejahtera.Prabu Siliwangi,ditatar galuh sateuacan jumeneng janten Raja Pajajaran langkung di kenal dipikawanoh wasta Jaya Dewata/Ki Pamanahrasa,anjeuna raja anu adil,bijaksana,sakti sarta ngayomi rahayatna ku ajaran SILIHWANGI silih asih silih asah ,silih asuh.Anjeuna asalna ti Ketajaan Galuh Pakuan(Kawali).Gumelar taun 1401 M.diKawali,putra ti Prabu Dewa Niskala(Nibgrat Kencana)jeung Ratu Dewi Mayangsari.

Bacajuga:MENYELAMI MAKNA DIBALIK KEBESARAN SRI BADUGA MAHARAJA PRABU SILIWANGI* *) H. Dien Attasiki

Pasca tragedi bubat ,dina mangsa panarentahan Prabu Wastu,aya pamahanan atawa pantangan yen urang Subda teu meunang nikah jeung wanoja Majapahit.Tapi Prabu Niskala ti Galuh Pakuan(Kawali)kabuktian nikah jrung putri Wilwitika Putri Majapahit,hal ieu ngajanteunkeun Prabu Susuk Tunggal ti Kerajaan Sunda bendu/murka.Ketegangan ieu bisa direda ku sang Rama Eyang Wastu sareng para majelis Istana.Prabu Susuk Tunggal Raja Sunda Pakuan,kitu deui Prabu Dewa Niskala/Ningrat Kencana lengser tina raja Galuh Pakuan(,Kawali).Solusina Eyang Wastu sareung pembedar istana,para menteri ,nganikahkeun Dewi Kentring Manik putri Susuk Tunggal jeung Jayadewata/Ki Pamanahrasa putra Prabu Dewa Niskala.Ti dinya ngadeug Pajajaran ku talu asih,hartina KASIH SAYANG.Sribaduga Maharaja Pajajaran marentah salila 39 taun,nyaeta 1482-1521M.

[ Tutugan Galunggung,GALUNGGUNG KIWARI,WANCI PASOSORE:Mei 2026]

Artikel Lainya

TINGGALKAN KOMENTAR

Silakan masukkan komentar anda!
Silakan masukkan nama Anda di sini

spot_img
spot_img

Baca Juga