Rabu, Juni 3, 2026
BerandaBerandaKI ACEP AAN NGAJAGA JEJAK Rd.ALI SANTANA SUPADOS TEU LENGIT CARITA SEPUH

KI ACEP AAN NGAJAGA JEJAK Rd.ALI SANTANA SUPADOS TEU LENGIT CARITA SEPUH

Kabupaten Tasikmalaya.Lintaspasundannews.Disusun ku:ACEP AAN,S.AG.Nyambung Nasab Jangkawareng ka Rd Ali Santana Sukapura Tutugan Cisayong Galunggung

Eyang Rd.Ali Santana Cisayong,panungtun nu ngembangkeun weweungkon Salareuma Cisayong tutugan Galunggung,anjena nu ngatur tatanan masyarakat adat wangkid warita.Anjena kuwu nalika wilayahna masih lega ,jauh sayeucan aya Republik .Masana lebet kana masa kekuasaan karisidenan Mataram Sumedang,Sukapura.Anjena janten penyambubng antara adat kerajaan sareng pamarentahan Desa Modern.Anjena kacatet jalmi nu gaduh pangaweruh sareng jawara elmu bela diri.Kasaktianana dipiara pikeun ngajaga lembur tina gamgguna pihak luar.Rd.Ali Santana pupuhu harita pimpinan ngawaula sanes dilayanan .baik tatanan insprastuktur tapi anjena gaduh tika asa dina dunia pertabiban pengobatan tradisional.Elmu Supranaturalna tos kasohor,nulung kanu butuh,nalang kanu susah,eta karakter anjeuna nu di pilampah,masa ngajalankeun amanah janten kueu deudeuhann karahayat alit.

Simkuring Ki Acep Aan nyambung nasab ka anjeuna Jangkawareng,ti pihah biang/ibu Imas,teras yambung ka Rd.H.Abdul Halim bin Rd.Ali Santana Cisayong trah Rd.Sinhamanggala bin Rd.Anggadipa/Dalem Sawidak Bupati Sukapura ka-3.Abdi/ki Acep Aan sanes saukur turunan darah tapi anu nanggung amanah pikeu ngajaga carita adat ,sareng eling kana asal usul lembur ieu.Rd.Ali Santana yaeta kuwu munggaran desa Cisayong sateuacan pamekaran.Janten Desa Santana mekar tos berdiri sebelum aya NKRI,berdiri tahun 1980.pasca Rd.Ali Santana .Kuwu saterasna nu kacatet nyaeta Endang Sudrajat 1980-1990 M.Janten Rd.Ali Santanamah sateuacan jaman kewadanaan/kabupaten,pra kemerdekaan

Pantun/Sajak

Karya:Ki Acep AanPANTUN/SAJAK SANTANA MEKAR

Tutugan galunggung

Ca’ang Gumilang

Caina ngalir ngebreug batuna

Santana mekar ngaran nu nuca’ang,ngajaga amanah tikaruhin baheula

Pare umbul nu lega,jalan satapak ka lembur heibeul,Ki Acep Aan ngajaga jejakna,supados teu lengit carita sepuh.

Dihandapeun gunung galunggung nu gadeug jangkung,aya ngaran heubeul ngarana salareuma Santana Mekar caina ngalir ti lebak ka hilir ,mawa carita ti jaman baheula

Didinya aya pupuhu ngarana Rd Ali Sanyana,jangkawareng ki Acep Aan.

Rd.Ali santana ngabdi karahayat,supados rakyat hirup dina kasajrhteraan jeung aya dina katentreman

Rd Ali Santana,tangana nandur,lisana ngadoa,lembur jadi amn ,rejeki jadi lancar.Era Sumedang,sukapura,karedidenan baheula,anjeuna ngajaga tatanan adat sareng pemerintahan.

Bacajuga:DUNIA KINI MENONTON, API MEMBESAR: IRONI DI BALIK KONFLIK IRAN VS AMERIKA SERIKAT–ISRAEL “

Nharana dipiara,dijante keun tanda”SANTANA MEKAR”,mekar teu kapisah,393 hektar leuwih titipan karuhun,dihandapeun tutugan gunu g galu ghubg nu megah.

Amanah heunteu ngan ukur,tanah dan ngaran.

Tapi eling jeng adab sareng silaturahmi supados anak incu teu leungit asal ,tetep mulih ka jati engkena ka asal..Ngadoa ka gusti nu maha Agung(Alloh),mugia Santana mekar salawasna mekar ,jadi lembur barokah ,aman sareng sentosa

Jaga tanah,jaga basa,jaga eling,supados karihun teu kucewa

Sabab jalmi nu hilap asal usulna ,sapertos tangkal tanpa akar,gampang tumbang

Urutan Kades/kuwu:

– Rd Ali Santana

– Endang Sudrajat(1980-1990M)

– Rustama(1990-1998M.

– Ade Saepudin(1998-2007M)

– Didi Kuswara(2007-2013M)

– Ade Sarpudin(2013-2019)

Desa santana mekar Desa Wisata berbasis pelestarian alam.Area ini berbatasan langsung dengan perhutani.luas wilayah 160,03 Ha.terfiri 3 Dusun :

– Dusun Citepus : 120,79

– Dusun Leuwibodas:112,56

– Dusun Cigaleuh :160,03

Benang merah jaman baheula ,wangkid ayeuna mangrupi benang merah nu teu putus,tinggal pamarentahan bisa teu na,mawa amanah Rd Ali Santana .

Amanah ieu titipan ti gusti ,sanes milik pribadi.

Jaga tanah,jaga jalmi,jaga eling salawasna.

Ngadangu heula dateuanan maentah supados adil jeung dipercaya ku masyarakat.

GALUNGGUNG PAGRUH KU AKAR NU JERO,JANGKAWARENG KI ACEP AAN KUAT KU ELING SILATURAHMI.Jaga basa,jaga adat,jaga alam.Mugia Santana mekar salawasna mekar,Turunan dalawas a Eling.

PITUAH EYANG Rd.ALI SANTANA SUKAPURA PASAREAN CISAYONG TUTUGAN GALUNGGUNG“Anjeun ayeuna nanggung ngaran Jangkawateng,jangkawareng lain ngan ukur gelar,tapi amanah.Amanah keur ngajaga tanah,ngajaga alam,ngajaga eling,Ulah sakali kali nyepeung amanah ku hayang beunghar sorangan.Tanah ieu titipan gusti(Alloh),lain milik pribadi.Upami anjeun adil,tanah bakal ngajaga anak incu.Upami anjeun lempeng,jalmi bakal percanyaeun ka anjeun,Jadilah kokocoran anu ngadangu,sateuacan marentah.Ngupingkeun anu leutik sateuacan anu agung.Jadi turunan kuringmah(Eyang Santana)lain nu nyaring suarana,tapi anu ca’ang hatena,

Jaga basa,jaga adat,jaga dia,upami nu tilu ieu lengit,lengit oge jatidirina,mugia turunan jangkawareng salawasna mekar dalawasna ka gusti(Alloh)

Pituah ieu matak ngaran koko oran teh heunteu ngan jadi pangjuluk tapi jalan hirup ngajaga,ngamumuke petuah karuhun.

(Dok.Ki A.Aan Wirasuta,Galunggung kiwari wanci pasosore,20 Mei 2026)

Artikel Lainya

TINGGALKAN KOMENTAR

Silakan masukkan komentar anda!
Silakan masukkan nama Anda di sini

spot_img
spot_img

Baca Juga