Lintaspasundannews.TAPI RATU SAHA?TIMANA ASALNA ETA RATU?ENGKE OGE DIA NYARAHO.AYEUNA SIAR KU DIA ETA BUDAK ANGON
Kabiasaan manusia hanyang nyaho.daha?Timana?Kumaha?lain eta nu kudu aya dina pikiran urang sunda.Urang sunda teh pantes tumaya seperti kitu.Kuduna urang sunda nyieun siasat tiawal.Ngalengkah tiayeina pikeun naratas pajajaran anyar ,saha nu bakal jadi taja,timana nubakal jadi raja.Teu penting keur urang sunda nu penting ngawujur raharja digjayana bangsa.Ku hal ieu siliwangi neungkas ku kecap “e gke dia nyaraho”Geus waktuna bakal nyaho.Ngan samemeh waktuna meureun kudu naratas .Moal ngawujud caturrangga lamun teu ditaratas ku urang nepi ka bentas.
Ayeunamah,siar ku dia eta budak anggon ! .Saha budak angon ?ANU NGANGON KSLAKAY JEUNG TUTUNGGUL.Urang trugeuskeun meh jelas,supaya urang sunda ulah ngarep-ngarep wae hal ghaib jeung kaajaiban.
1.NU NGANGON KALAKAY
Jalema nu palinter loba luang tina daluang.Loba nyieun buku keur kamajuan bangsa jeung nagara.Ngangon pirang pirang elmu pengetahuan diwujudkeun buku jeung teori anu bisa dibaca ku balarea.Ahli dina widang pirang-lirang kaelmuan.Nu matak disebut ngangon kalakay.Ari kalakay kapan zamn Silihwangi sok dipake nuliskeun sastra neung elmu.Kiwari ngawujud keretas.Nu dijieun bukur pikeun nulismeun pirang-pirang elmu.Jadi nu disebut budak angon teh para doktor jeung frofesor anu bener-bener asak dina widang kaelmuan.Kumaha atuh nyiar budak angon ?Tangtu ku cara memeres dunya atikan.Moal.lahir jelema palinter nepi kajadi Frofesor lamun dunya atikan konersial.Salah sahinina nu jadi panghalang keur lahirna budak angon kiwari sistem sakola lulus saratus persen .Neli kabudak teu ngamotifasi lijeun diajar da bakal lulus.sa ajan teu diajar kalawan bener.Ku hal ieu urang kudu memeres dunya atikan sangkan bener-bener bisa minterkeun generasi.Neli kagenerasi boga kasanggupan ngolah bangsa jeung nagara secara mandiri teu gumantung ka teknologi atawa elmu asing.Komo.ku nepi kudu nguyang ngondang bangsa asing mah teu kudu pisan.Ieu kaayaa moal sanggup lamun lamun dunya atikan teu dibeberes.
Bacajuga:Apel Pagi dan Pelantikan OSSM Baru di Sekolah Mah’ad Sahara Madani Berlangsung Khidmat
Tegesna nu kudu diterapkeun mimiti teh sistem pendidikan pajsjaran anyar .Sistem pajajaran anyar kapan geus digambarkeun ku carita sateia piningit jeung panjiwulung.Padepokan atawa paguron atawa sakola diurang kudu make sistem pendidikan lajajaran.Hal ieu geus diguar dina buku Astra Brata.Prak piharti Astra Brata utamana bidang atika versi budaya sunda.
2.NU NGANGON TUTUNGGULAN
Naon nu dimaksud budak angon nu ngangon tutunggulan?Bisa para ahli anu nalungtik batu prasasti,candi jeung sajabana .Bisa para ahli aerkologi anu nalungtik zaman-zama baheula .Tembus ka zaman pajajaran .Bisa wae para ahli teknologi anu ngawujudkeun elmu tina teori anu ditulis dina keretas(kalakay)ngawujud hiji barang teknologi anu manfaat keur kahirupan manusia.Cindeukna para praktisi teknologi boh IPTEK atanapi arkologi.Kudu di siar hartina kudu didik jeung dicitak ku dunya pendidikan.Nepi ka lahir para ahli elmu jeung teknologi dina jiwa bangsa urang.Tah urang sunda kudu ngawujudkeun budak angon.Tegesna ngalahirkeun generasi anu kuat dina bidang elmu jeung teknologi pikeun ngabaladah ngadegkeun pajanaran anyar .Dua hal ieu teu leupad dina dunya atikan.Jeung kapibteran wanoja enggon molih pisalakieun keur bibit.Sangkan bisa ngalahirkeun generasi ti bibit unggul.Nikah keur wanoja lain kasuka tali hiji cara nyaring bibit sangkan lahir generasi anu unggul .kitu harti budak angon nu bakal ngadukung jeung ngarojong kana lahirna pajajaran anyar.Pajajaran anyar lain rek ngafegkeun deui negara diatas nagara.Tapi ajen pajajaran anyar nyaeta ngadegkeun deui martabat bangsa sunda ku ajen pangajen pengkuh dina pikukuh jeung pitutur sesepuh sunda nu teu lepas dina atika moral jeung etika,giat nyiar elmu dina kontek kekinian.Salila urang sunda tetep nyekeul ghaib jeung klenik pajajaran oge bakal anyaclang dialam ghaib moal ngawunud deui dialam lahir.
Penulis:
ACEP AAN,S.Ag.
Keluarga Besar Rd.Ali Santana Sukapura Cisayong Tasikmalaya
( Salareuma lewibodas Tutugan Galunggung )
“April 2026”



