Sabtu, September 12, 2026
BerandaBerandaURANG SUNDA LAIN KUDU NGADAGO ZAMAN,TAPI KUDU MEMERES ZAMAN

URANG SUNDA LAIN KUDU NGADAGO ZAMAN,TAPI KUDU MEMERES ZAMAN

Penulis:
Ki Acep Aan
Pemerhati Seni Budaya Situs Sajarah Priangan Timur/ Lintaspasundannews.com

Miharti hiji wangsit pikeun kawalagrian Nagri kaharjaan Bangsa jeung Nagara.

“Ti dinya datang budak janggotan.Datangna sajamang hideung bari nyore kaneron butut,ngageuingkeun nu keur sasar,bgelingan nu keur paroho Tapi heunteu diwaro,da pinteurna kabalinger,habyang menang sorangan.Ari arinyana teu areungeuh,langit anggeus semu beureum,haseup ngebul dina pirunan.Boro-boro rek ngawaro,malah budak nu janggotan,ku arinya a ditewak diasupkeun ka pangberokan.Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur.majarjeun neangan musuh,padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun”

1.”Tidinya datang budak janggotan.Datangna sajamang hideung bari nyoren kaneron butut,ngageuingkeun nu keur sasar,ngelingan nu keur paroho”.
Saha budak janggotan?Saha nu keur piho?Nu dianggap budak hartina jelema anu masih can nyaho nanaon.Janggotan Tandana geus kolot atawa boga pangalaman.Bisa jadi budak janggotan teh ngagambarkeun generasi anu dianggap atah teu aya kanyaho.Tapi geus boga elmu cukup pikeun niten kaayaan zaman.Budak janggotan bisa ngagambarkeun Aktivis,LSM atawa organisasi ayar keneh Anu mengkritisi kebijakan pemerintah,jamang hartina baju koko hideung atawa pakaian khas Baduy.Naha budak janggotan teh urang Baduy?Mangsa Harita jamang jadi baju adat urang sunda.Bisa jadi budak janggotan teh urang sunda anu apal ksna palanggeran Pajajaran.Bisa jadi bakal maruncul di tiap kabuyutan.

Jamang hideung jeung kaneron butut.Bisa oge ngagambarkeun organisasi anu berjuang bari teu aya amunisi perjuangan.atawa teu katohyan saha nungageurakeunana.Hideung bajuna,dina harti kecap hideung bisa jadi poek.Teu kateguh ti organisasi mana,ngawakilan saha,saha penyandang dana,keur saha gerakan nu dipilampah.Ku ahli strategi politik teu kahartieun naon kahayang budak janggotan.Nepi ka hese dipaparahna.Sanajan teu aya beukeul berjuang saukur kaneron butut .Ieu organisasi konsepna kana oerjuangan.Tur sanggup prihatin berjuang pikeun kepentingan rahayat.

Lamun ngadeug Lembaga Adat Pajajaran Ayar kiwaribtur ulubiung ngelingan anu poho ieu lembaga adat bakal disebut budak janggotan.Lamun kiwari lahir kapan can lila.Tapi ku ngaguar tutungkusan pajajaran ,lembaga adat sunda mun lahir mangke bakal loba pangalaman kajian kaelmuan ngrnaan tata negara Pajajaran .Budak janggotan lain kudu ditungguan tapi kudu di adeugkeun.Bral adegkeun Lembaga Adat Sunda pikeun jadi pangeling saha wae anu ngawasa nagara.

2.”Tapi heunteu diwararo!da pinterna kabalinger,hayang meunang soranganArinyana teu arengeuh,langit anggeus semu beureum,haseup ngebul dina pirunan”.

Bacajuga:AMKI Cirebon Raya Gelar Baksos, Salurkan Sembako untuk Anak Yatim dan Duafa di Ashabul Kahfi

Saha nubteu ngawaro?anu keur marentah.Sebab pinter kabalingeur.Hartina kapinteranana lain keur bgamajukeun bangsa jeung nagara tapi keur makelatkeun diri jeung kulawarga wubgkul.Nu marentah jaman harita teu sadar ,langit geus semu beureum,hartina ngagayuh ka peuting.Seperti lahan pertanian geus beak,terus wae dijieun imah atawa dialih pungsikeun keur hiji hal anu ngabantu dominasi asing dinagara urang.Hartina langit geus beyreum ,geus rek hese pangan tapi lahan pertanian teurus di gempur jeung hal sejena.Haseup ngebul dina pirunan sarua hartina jeung labgut anggeus semu beureum ,gunu g geus gundul ,tapi lain di pelakan tapi terus dimanpaatkeun keur hal sejen.

Tanda-tanda kaancuran nagara diapilainkeun.Lamun aya nu nyebutkeun nagara bakal ancur,manehna ukur ngageuhgeuykeun teu percaya kana prediksi.Lamun aya nu ngelingan urang kajajah ku cina kalah saleuri sabab keur maranehanana nguntungkeun pisan kerjasama jeung cina.Lamun aya nu nyebutkeun pendidikan teu berkualitas kitu deui Teu bisa narima kanyataan lamun kamandirian bangsa kiwari geus dirampid nrupi ka gunantung ja bangsa deungeun(bangsa asing).

3.Boro-boro rdk ngaearo ,malsh budak angon nu janggotan ,ku arinyana diteqak diasupkeun kanu pangberokan .Laju atinyana ngawut-ngawut dapur batur,majarjeun neangan musuh,padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun”.
Dina ieu caturrangga ngagambarkeun pamarentah anu kebal ku kritik.Samalah nganggap pitenah jeung hoax kana kanyataan anu keur tumiba ka bangsa jeung nagara Maranehna tetep geten jeung bumela ka bangsa asing.

Kiwari urang sunda ngadaragian budak angon,ngadaragoan budak janggotan,ngadaragoan ratu adil.Moal datang anu di dagoan da lain kudu di dagoan tapi kudu diusahakeun.Ngadidik generasi sabgkan leber ku elmu pengetahuan sanajan umurna budak.Maka bakal loba budak janggotan anu lain ukur bisa ngelingan.Tapi bakal sznggup ngarebut kakawasaan ti para kuyuk jeung buta.Pikeun ngadeugkeun pajajaran anyar ,pon kitu urusan budak angon anu ngangon kalakay.Jieun lirang-pirang panalungtikan tina naskah kuno,tulis deui dina media masa.Sebarkeun nepi ka prasasti jeung pustaka baheula kaharti deui ku masyarakat.Alih aksarakeun nu make keneh aksara kuno,alih bahasakeun anu masih keneh make basa kuno,tafsirjeun nain maksudna nepi ka mangke loba anu nafsirkeun keur kepentingan bangsa jrung nagara.

Kitu hareupan silih wangi kudu upaya babareungan pikeun ngawujudkeun Pajaharan Anyar.Lain silih dagoan da moal jebul datang lamun teu diupayakeun jeung di adegkeun kalayan make jarancagean hate jeung rasa Gunakeun tilam akal jeung pikiran nyusul pahaharan baheula laju adeugkeun pajajaran anyar ku paneja jaman ayeuna luyu jeung pajaman urang hirup kiwari.Lamun Pajajaran anyar teu ngawujud pamarentah anu ketakna keu bakal kasampeur deui.Ku hal ieu lain ukur ngagambarkeun sajaman jeung ordebaru anu nepi ka ayeuna.Tapi bakal teurus ngawujud kaayaan seperti kieu satungtung konsep pajajaran teu ngahibarkeun bangsa jeung nagara.Ku hal ieu penting keur urang bgarancang bangsa heung nagara.ku hal ieu penting keur urang ngarancang jeung nyieun siasat pijeun ngadeug pajajaran anyar.Konsep pamarentahan anu bener-bener pijeu ngaraksa riksa bangsa jeung nagara mawawaluya digjaya bangsa jeung nagara.Kajeun ngarugikeun bangsa asing dapon bangsa urang aya dina kauntungan jeung katentreman.

SUNDA YANG TERMASUK SALAH SATU SUKU TERBESAR DINEGERI INI MENGALAMI DILEMATIS TENTANG EKSISTENSI BUDAYANYA.HAL INI AKAN MENGURANGI KEKUATAN BANGSA SECARA NASIONAL.UNTUK ITU PERLU MEMPERKUAT PILAR BUDAYA BANGSA INI.DPD SEBAGAI PERWAKILAN DAERAH SEHARUSNYA MEMILIKI TANGGUNG JAWAB UNTUK MEMBENTUK DEWAN DAERAH AGAR MASING-,MASING BUDAYA SEBAGAI RUH BHINEKA TUNGGAL IKA HIDUP DAN MENGHIDUPKAN KEKUATAN NASIONAL.

BHINEKA TUNGGAL IKA AKAN TERWUJUD DENGAN BAIK BILA MASING-MASING KERAGAMAN BUDAYA YANG TERBIBGKAINYA KUAT DAN KOKOH.MAKA NEGERI INI AKAN MENJADI KALUNG JAMBRUT KHATULISTIWA YANG NENYILAUKAN BANGSA LAIN.BILA KERAGAMAN BUDAYA TERSEBUT LEMAH MAKA LEMAHLAH JEBHINEKAAN TUNGGAL IKA BANGSA INI.DAN LEMAH PULA JATIDIRI BANGSA INI SECARA KESELURUHAN.

[ Sela Gedang Desa Pakalongan Tasikmalaya, Agustus 2026]

Artikel Lainya

TINGGALKAN KOMENTAR

Silakan masukkan komentar anda!
Silakan masukkan nama Anda di sini

spot_img
spot_img

Baca Juga