penulis:Ki Acp Aan
ACEP AAN S.Ag.
Keluarga Besar Rd.Ali Santana Cisayong Trah
Sukapura Tasikmalaya Lintaspasundannews.
Galunggung nangis ngageugeurkeun awang leuweung nagara leungit seuneuna,ki Galih parantos mulih kanu asih,ninggalkeun jejak Wibawa di tutugan Galunggung.
Sora anjeun ayeuna janten doa ngawangkong ka baraya tina alam baka Jari -jari anjeun nu dulu ngetik akdara,Ayeuna ngetik amal disidi gusti.
Wilujeng jalan ki Galih,wilujeng tepang sareng nu dipikacinta.Mugia Alloh masihan tempat pangalusna,Surga Firdaus jadi bumi anjeun ayeuna.Amin Ya Rabbal Alamin,Al Fatihah.
Pangjajap Doa,mugia janteun naratas kasaean kanggo anjeuna..Sebuah proses perjalanan panjang simkuring Ki Acep Aan sarwng Ki Galih.2017 awal tepang ayeuna ti awal juni 2026,ngantunkeun karamean alan dunya.Citiis galunggung jadi saksi,ngawangkong sajarah,spiritul,politik jeung sajabana,ema ikah abah Hamim,geuleuyu seuri wangkid harita,bari ngasur-ngasurkeun suluh di hawu dapur.Celetuk ema cumarios”Cep ,Lih,rek dalahar heula”kolot nu teu weleh mere dahar jeung lapadon di dapur mun kuring ki Acep jeung Ki Galih ,ngawangkong di dapur bilik,bari siduru.
Bacajuga:Ki Acep Aan 1973: ASET SOEKAPURA SITU,SAWAH,KEBUN DI CILAMBU MANONJAYA TINGGAL KENANGAN
Loba aktivitas nu ku ki Galih dijalankeun,anjeuna Ketua IBS Ingsuning Baraya Sunda,you tuber IBS sora Sunda ka jagat maya,juru tulis berita/pemred SAR,jeung aktivas nu laina.
Terakhir tepang sareng simkuring/ki Acep Aan,dina acara Dewan Kesenian Tasikmalaya di Hotel City Tasik 2025..wangkid januari 2026 hp.na sesah di hubungi.Terakhir kauninga anjena sareng bojona sok di Bandung.
Ki Galih Alm.dikurebkeun di gunung koneng cihideung kota Tasikmalaya
Anjeun L.S.Galih ,S.Kom.tos mulih kajati mulang ka asal,mulih ka rahmatulloh pamugi anjeun di tampi iman sareng islamna ku Alloh SWT.mugia dica’angkeun di alam barjahna/alam kuburna.Amin.
Tasikmalaya Wanci peting,jumplang jempling,1 Juni 2026



