Penulis Ki ACEP AAN Lintaspasundannews.com Kabupaten Tasikmalaya
Tutugan Galunggung
Pemerhati Seni Budaya Situs Sejarah Priangan Timur
Nyapa ingetan sareng Kang Dedi Mulyadi,SH.tahun 2018.Dimangsa Gelar Seni Budaya nu diwadahan Dangiang Galuh Pakuan-MK 9,kang ohang teu weulih aya wae di panggung ngahibur rahayat jadi gumbira.
Simkuring Ki Acep Aan,ngiring ngabantos ngamediasi ti ajuan serat firmal tertulis ka Bupati Purwakarta Kang Dedi/Managerial Dangiang Galuh pakuan di Purwakarta.Hibar pendekatan ka para kuwu saat eta,Kuwu Desa Tawang Banteng Kec.Sukarstu tutugan Galunggung,Kuwu Desa Rajadatu Kec.Cineam,Kuwu Desa Cisayong kec.Cisayong.Penjelasan ka kuwu maksud sareng tujuan kasimp gan Kang Dedi ieu di sampaikan ku sim kuring,alhamdulillah.ngartoseun Pageularan di tempat :
1.Lapangan Desa Tawang Banteng Kec Sukaratu Kab.Tasikmalaya.
2.Lapangan Desa Rajadatu Kec.Cineam kab.Tasikmalaya.
3.Lapangan Desa Cisayong Kec.Cisayong Kab.Tasikmalaya.Gelar seni budaya di luhureun panggung kang Dedi di sambut ku ratusan pengunjung aki-aki ,nini-nini budak ngora,nepi ka budak leutik.cariosanana ngangkat seni budaya,lembur di urus kota di tata,pelestarian lingkungan nu selaras jeung nilai ekonomi,serta peningkatan pelayanan dasar sangkan harti kenerdekaan bener-bener karasa ku rahayat .Konsef silih wangi asah asih,asuh didugikeun dina rasa haru,santunan jalmi tanpa daksa atawa yatim piatu ,eta kaya’ahna.
Anjeuna waktos janten keneh Bupati atos nya’ah ka jalmi alit jeung kudu nyaah ka Alam lingkungan ulah di ruksak.Yen nyalametkeun lingkungan kudu kudu ditempatkeun selaku kewajiban moral anu pangluhurna pijeun bangsa.Kang Dedi nyebut hukum alam selaku hukum gusti anu paling nyata jeung teu butuh penapsiran sehingga keruksakan alam mangrupi wangun pelanggaran spiritual sakaligus kabangsaan.Acara ieu patepubg kang Dedi jeung tokoh adat,ulana guru-guru,generasi muda.Kang Dedi nyaurkeun kudu ngajaga kabuyutan amanat Karuhun,anu pentingna kudu urang paham ayeuna anu ngancurkeun alam sarua bae jeng ngancurkeun diri sorangan,hukum alam teu bisa ditawar.Menurut KDM keruksakan ekologis dimimitian leuweung gundul ,walungan nu tercemar,nepi ka pamukiman anu nutupan kawasan resapan jadi akar utama nyebabkeun bencana,Kang Dedi amanat hubungan spiritual antara manusia jeung alam kudu tetap jaga.
Sebuah proses perjalanan Kang Dedi,dina karir politisba:
– Anggota DPRD purwakarta(1999-2003)
– Wakil Bupati Purwakarta (2008-2018)
– Anggota DPR RI(2019-2024)
– Pemenang Pilgub Jabar(2024)
– Gubernur Jawa Barat (2025-2030)
Simkuring/ki Acep Aan,kantos nengok nuju pembangunan situ buled puser kota Purwakarta,pangulen kang Dedi,dipiwarang kuleum di Hotel ku beliau.Karanahan beliau eta nu ka emut ku simkuring.Nu anehna waktos kapasitas Bupati eta wengi-wengi masih blusukan dengan warga pelosokan.
Terakhir patepang abdi sareng kang Dedi,waktos di Dadaha Tasik,pra pilgub 2024.
Ayeuna beliau nuju ngemban amanah,janten Gubernur Jawa Barat,pamugi tiasa amanah teteup nya’ah ka jalmi ali,karahayat Jabar,Amiin.
[ Wanci pasosore,Tutugan Galunggung,14 Agustus 2026]



