Penulis:Ki Acep Aan Kabupaten Tasikmalaya / Lintaspasundannews.com
Keluarga Besar Rd.Singamanggala bin Dalem Sawidak Sukapura
“Tapi ratu saha?Timana asalna eta ratu?Engke oge dia nyaraho.Ayeuna mah,siar ku eta budak angon”
(wangsit,ka duapuluh)
Miharti hiji wangsit pikeun kawalahrian Nagri,karaharjaan Bangsa jeung Nagara
Kabiasaan manusia hanyang nyaho saha?Timana?kumaha?.Lain etanu kudu aya dina pikiran urang sunda Urang sunda tepantes tumanya seperti kitu.Kuduna urang sunda ngupayakeun nyieun siasat tiawal ngalengkah ti awal.Ngalengkah tianyeuna pikeun naratas Pajajaran Anyar,saha nu bakal jadi raja timana nu bakal jadi raja.Teu penting keur urang sunda,nu penting ngawujud raharja dogjaya bangsa.Ku hal ieu silihwangi neu gkas ku kecap “engke oge dia nyaraho”.Geus waktuna bakal nyaho.Ngan samemeh waktuna kudu naratas.Moal ngawujud caturrangga lamun teu ditaratas ku urang neupi ka bentas.
“Ayeunamah,siar ku dia eta budak angon!”,Saha budak angon?Anu ngangon kalakay jeung tutunggul.Urang tegaskeun meh jelas,Supaya urang Sunda ulah ngareip-ngarep wae hal ghaib jeung kaajaiban.
NU NGANGON KALAKAY
Jelema anu palinger loba luang tina daluang.Loba nyieun buku keur kamajuan bangsa jeung nagara.Ngangon pirang-pirang elmu pengetahuan diwujudkeun buku.jeung teori ni bisa dibaca ku balarea.Ahli dina widang pirang-pirang ka elmuan.Nu matak disebut ngangon kalakay.Ari kalakay kapan dina zaman Silihwangi sok dipake nuliskeun sastra jeung elmu..
Bacajuga;JEJAK HISTORIS KABUPATEN TASIKMALAYA,GABUNG KE NKRI UU.NO:1/1945 TGL.23 NOPEMBER 1945
Kiwari ngawujud kertas.Nu dijieun buku pikeun nuliskeun pirang-pirang elmu.Jadi nu disebut budak angonteh para doktor jeung Frofesor anu bener-bener asak diba widang kaelmuan.Kumaha atuh nyiar budak angon?Tangtu ku cara memeres dunya atikan.Moal lahir jelema anu palinter nepi kajadi Frofesor lamun dunya atikan komersil.Salah sahiji nu jadi penghalang keur lahirna budak angon kiwari sistem sakola lulus saratus persen.Nepi ka budak teu ngamotifasi pikeun diajar da bakal lulus,sanahan teu diajar kalawan bener Ku hal ieu urang kudu memeres dunya atikan.
Sangjan bener-bener minterjeun generasi.Nepi kagenerasi boga kasanggupan ngolah bangsa jeung nagara secara mandiriteu gumantung ka teknologi atawa elmu asing.komo nepi ka kudu ngunyang ngondang bangsa asing mah teu kudu pisan.Ieu kaayaan moal sanggup lamun dunya atikan teu dibeberes.
NU NGANGON TUTUNGGUL
Bisa para ahli nu nalungtik ,prasasti,candi jeung sajabana.Bisa arkeolog anu nalungtik zaman-zaman baheula ,tembus ka zaman Pajajaran .Bisa wae para ahli teknologi anu ngawujudkeu elmu tina teiri anu nulis dina kertas(kalakay),ngawujud hiji barang teknologi anu manfaat keur kahiruoan manusia.cindekna para praktisi teknologi IPTEK atanap Arkeologi.Kudu disiar hartini kudu dididik jeung di citak ku dunya Pendidikan.Nepi ka lahir para ahli elmu jeung twknologi diba bangsa urang Tah urang sunda ngawujudkeun budak angin Tegesna ngalahirkeun geberasi nu kuat di bidang elmu jrung teknologi pikeun ngabaladah ngadeugkeun pajajaran anyar.
Dina hal ieu teu lepas dina dunya atikan.Jeung kapinyeran wanoja enggon milih pisalakieun keur bibit.Sangkan bisa ngalahirkeun generasi ti bibit unggul.Nikah keur wanoja lain kasuka tapi hiji cara nyaring bibit sangkan lahir generasi anu unggul.Kitu harti budak angon nu bakal ngadukung jrung ngarojong kana lahirna pajajaran anyar.Salila urang sunda tetep nyekel ghaib jeung kelenik .Pajajaran oge bakal anyaclang dialam ghaib moal ngawujud deui di alam lahir.
[ Leuwibodas Cisayong tutugan galunggung,Agustus 2026]



